Sunday, October 27, 2024

NU DIGAMIS CAN KARUH AGAMIS

 

U - Bercerita


Redaktur UPP

Aya ku héran admin mah, prihatin jeung ngarasa karunya nalika ngupingkeun warta perkawis pelécéhan séksual 30 korban anu dumuk di panti asuhan Tangerang Banten (Kompas, 2024). Deudeuh teuing éta barudak anu sakabéhna lalaki téh jadi korban jahatna oknum patugas panti asuhan. Tina 3 kasangka kaseus pencabulan téh dua diantarana parantos katéwak ku pihak kapolisian, hiji deui mah gening masih jadi DPO atanapi asup daptar jalma anu nuju diudag ku pihak kapolilisian. Ari anu jadi kasangka téh teu aya sanés nu gaduh ogé pangasuh panti asuhan. Aya ku matak kagét ari korbanna dugika puluhan ogé geus lumangsung leuwih ti 20 taun mah. Matak hareugeueun nya U-Friends?

Keun ari masalah penanganan kaseus mah deuih da aya bagéan nana ku pihak-pihak anu aya tali tumalina jeung penegakan hukum. Atuh ari urang salaku warga nagara kudu kumaha? Ieu panginten anu kedah dilaksanakeun téh nyaéta langkah pencegahan atanapi preventif téa. Kadé U-Friends upami uninga atanapi terang ayana sangkaan kana kaseus anu matak pikahariwangeun mah saéna enggal laporan ka pihak anu wajib, pulisi misalna. Mensos ngadugikeun yén yayasan atanapi panti asuhan tempat dimana kaseus pelécéhan lumangsung téh teu ngabogaan izin resmi sama sekali. Puguh matak héran pan? Naha gening bet bisa ngajalankeun kagiatan nana nya? Naha salami ieu teh teu aya nu mariksa boh saha baé anu wenang dina perkara éta?

Ieu kasangka téh deuih, tina bungkusna mah agamis pisan. Anggéan nana oge NGAGALOBÉR digamis. Pan sangkaan urang mah biasana anu digaramis téh jalmi soléh. Bisa jadi éta téh salahsahiji kamuflase kasangka supaya teu meunang kacuriga ti khalayak, méh gening kalakuan satukangeun nana mah rucah! Bener saur papatah deungun, don’t judge a book by the cover, nyawang manusa mah ulah ditempo tina papakéan nana. Can karuh nu sarungan téh jalma iman, can karuh nu di lepis babarawakan tuur na téh jalma barangasan. Apan haté jalma mah teu aya nu bisa ngobét, luarna alus jero-jerona mah apan mung inyana sareng Pangéran nu uninga.


Previous Post
Next Post

Unit Pers dan Penerbitan HMCH adalah salah satu unit khusus dalam intern Himpunan Mahasiswa Civics Hukum Jurusan Pendidikan Kewaganegaraan FPIPS Universitas Pendidikan Indonesia yang bergerak di bidang jurnalistik

0 comments: